BILIK SACA

BILIK SACA - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul BILIK SACA, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : BILIK SACA
judul artikel : BILIK SACA

lihat juga


BILIK SACA

Bilik
Lain hartina biadab kuring ngaganggu tutuwuhan nu keur betah ngariung dilingkungannana. Lamun disawang ku hate kuring, jiga nu tumaninah maénna ngariung mungpulung saanak incuna téh, taya pisan papaséaan anu éstuning damai jeung sajahtera jigana téh. Tapi da kuring butuh pikeun dimanpaatkeun pikeun kabutuhan kuring. Geclék wé ku kuring dituar, laju dipanteng dibersihan régang-régangna sangkan ulah riba mangsa mawana, terus dipanggul dibawa kalembur.
Kuring boga niat arék nyieun bilik jang nutupan pangkéng. Teu séép pikir kuring napakuran nyieun bilik, lamun dibandingkeun jeung mawa kandaraan sabangsaning mobil jeung motor, ogé alat besar nu diantarana doser, loder, eksapator atawa beko jeung sajabana, atuh étamah teu hésé teuing ceuk kuring mah. Da mémang hal éta téh karasa ku pangalaman kuring sorangan timangsa umur dua welas taun kuring geus bisa nyieun bilik malah sakola ogé biayana hasil ti nyieun bilik éta. Perkara nyieun bilik lamun urang ngalenyepan ti mimiti motong awi, meulahan terus nepika jadi bilik, mun diudag kana kahirupan sapopoé mawa awak jeung kalakuan aya ogé sapagodosna malah gedé pisan mangpaat jeung hikmahna.
Mimiti nuar awi, awi dibersihan réréntengna sangkan gampang dibawana, bersihan rérénténgna hartina bersihan haté urang sangkan ulah lieuk bohong, hianat ka papada bangsa; terus dipanggul dibawa ka lembur langsung dipotongan diukur sakumaha ukuran anu dibutuhkeun ku urang, masing ka hadé ukuran téh ulah salah, antara nu panjang jeung nu pondokna, upama téa mah ukuran dua metér kali tilu méterna. Nu dua meter keukeuh kudu sakitu lobana, nu tili meter ogé kudu saimbang imbangan lobana kanu dua méter.
Ukuran kahirupan jalma ogé sami, dina mikirkeun kahirupan keur didunya nalika néangan bekel hirup téh kudu bener-bener nu halal cindeknamah anu hak téa. Ogé pikirkeun jalan pikeun balik, kalakuan kudu hadé jeung balaréa ulah loba nganyenyerikeun sangkan urang meunang kabagjaan dunya sinareng ahérat. Terus dibeulahan, ukuran beulahan éta awi kudu sarua; da kahirupan urang ogé kudu sarua jeung padoman hirup sangkan teu pasimpang siur. Terus dicacag supaya leuleus beunang dibengkungkeun, tapi kadé nyacagna ulah motong daging ceuk paribasa téa mah cacag nangkaeun, sangkan dina dihuana ngeunah teu loba nu rajét  pon kitu kénéh diudagkeu kana kalakuan manusa ulah rék pasimpang siur, ulah cacag nangkaeun sing lempeng jeung jujur, sing leuleus haté ulah rék ngabangkang saperti awi anu can dicacag téa. Terus dihua, enya nyieun anyaman jang bilik téa, mimiti di keureut tangtunganna terus dibesét kaluhur anu handap ditincak pasti amprok jeung bukuna, kadé ku bedog sing ati-ati bisi sapat komo mun meneran lebah matana mah sing bisa bedog di ulinkeun ka kénca jeung kakatuhu geus tuntas ngadék bukuna atawa matana tincak deui nu hareup, nutukang ogé sarua tapi kadé ulah dilelepkeun teung bisi kandel teuing, anggap we nyieun bilik mah kupling téh aya dua, da ari nu ngagas mah leungeun kénca sabab nu katuhumah kapanan nyekel bedog. Numatak ceuk dék gé nyieun bilik mah leuwih hésé batan mawa kandaraan. Coba banyangkeun mangkaning diukna dina jojodog teuas teu aya panyandaan, da sanajan aya panyandaan ogé moal kapaké da lebah dieu mah arék kapaké kumaha kapan awakna ogé ungked-ungkedan bari neueulkeun suku nincak awi téa. Saterusna kitu jeung kitu ungggal poé taya kendatna. Coba lenyepan kana kahirupan sapopoé, nyieun bilik banggana téh lir ibarat urang hirup nyepeng papagan kahirupan. Ipis kandelna huaan atawa anyaman bilik kapan silib pisan kana kahirupan jelema boh dina rijki boh dina kaimanan anu ngagolombang saperti ombak dilaut. Nyieu bilik téh mangrupakeun kahirupan, masing kadé sing tigin dina nyepeng tauhid turutkeun hadis jeung Qur’an sangkan jadi jalema anu salamet. Bilik anu asalna awi nu ngaguluntung buleud turta panjang anu can kanyahoan ukuranna, ayeunamah mangrupakeun lembaran anu gedé pisan gunana saenggeus dianyam; bisa dipaké bahan bangunan, nutupan kamar, jeung nutupan lain deui. Sangkan urang bisa cicing anu merenah, ti peuting teu keuna ku angin peuting, ti beurang teu keuna kupanas poé. Bisa jadi papidingan, pantes jeung payus imah dipidingan ku bilik, komo lamun bisa nerapkeun na mah. Éta téh geus jadi kabiasaan pikeun  urang kampung mah neupi ka ayeuna ogé, imah téh sok maké bilik, komo jaman baheula mah geus lumrah sakabéh jalma imahna katelah imah panggung aya kolongan, luhureun kolong téh tepas ku tangkal gombong nu dibébérkeun. Malah nu leuwih rapuih mah ku bilik, anu dipaké téh ngan hinisna wungkul, hua an nana rada kandel supaya rada heuras, pantes pisan katingalina kapan namina ogé geus lain bilik deui éta  mah ganti jadi palupuh, beuki lila beuli alus, hérang jeung beresih da puguh sering di paké diuk jeung gogoléhéan; jauh pisan genahna antara gogoléhéan dina paluipuh jeung keramik atawa téhel, tetep geuanah dina palupuh awi. Ku urang di émut cing saha atuh nu nyiptakeun bilik, neupi ka bilik téh gedé pisan mangpaatna, bisa jadi bahan banguna anu réa gunana malah utamana mah bisa digunakeun ku jalma leutik, nu kahirupan nana sederhana atawa basajan. Anyaman bisa nyusun, malah ayeunamah anyaman téh bisa diotak-atik, saperti anyaman hihid. Cobi lenyepan sing jero! Cobi susud atuh kahirupan urang téh sing nyusud jeung ugeran panjang jeung pondokna sing sarua, hartina kalakuan hadé ulah dicampuradukeun jeung kaaiban. bilik  loba pisan paédahna, bisa dipaké mindingan imah, bilik jarang jalma anu bisaeun nana. Bilik diciptakeun ku urang lembur atawa urang pasisian, bilik anu teu pira ngan dijieun tina awi, bilik loba pisan anu butuheun, bilik katepi ku jalma leutik, bilik kuat pisan dipakéna. Tapi kuring ngarasa héran kunaon hasil tina ngagawéan bilik téh ngan saeutik, padahal nyieun na mah kacida banggana. Kapan geus dicéréwélékeun kukuring ogé, ti mimiti neupi ka jadi na téh, kunaon supir gajihna lumayan, kunaon mawa alat besar gajihna gedé, kunaon pagawé kantor gajihna rohaka, padahal mun diitung kana kacapé mah jauh pisan, cenah éta modalna ogé emang béda, nyieun bilik mah modalna ogé cukup ku bedog jeung awi, paling ogé bangsa du atawa tilu puluh rébu. Dasar hirup leutik ngawayah naker baé, jalma leutikmah ngan ukur bisa ngajeurit, komo jaman kiwari nagara téh geus ambruk jigana téh, atuh rék kumaha jadina ieu téh? Nu leutik mah bati ngalengis humandeuar taya geusan pamutangan, cing kudu gawé naon atuh, kabingung teu weléh ngumpul, kasusah kalah ambarayah, cobi bantuan mikir atuh kuring. Tos ah koleng kuring mah.

Muhsinin, oktober 2005
Saung panineungan kuring.


Demikianlah Artikel BILIK SACA

the life of the muslim world BILIK SACA, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel BILIK SACA dan artikel ini url permalinknya adalah https://jumro.blogspot.com/2010/09/bilik-saca.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "BILIK SACA"