BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN

BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN
judul artikel : BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN

lihat juga


BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN

BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN

KU : NURUL HAMDANI




Numutkeun sakaterang kuring ari bahasa Sunda anu asli mah nyaéta bahasa Sunda anu hirup kumbuh di daerah Kanékés hususna masarakat Baduy, naon margina? Kapan kapungkur téh cék sajarah, karajaan Sunda kantos diserang ku karajaan Mataram, anu balukarna bahasa Sunda anu aya harita ngalaman robah wujudna, anu kawitna lempeng-lempeng waé boh ka nu ngora atawa ka saluhureun téh bahasana kawas bahasa suku Baduy, jadi wé robah ku ayana undak usuk téa. Tapi punten sanés maksad endog mamatahan ka hayam atanapi mamatahan ngojay ka meri kadituna mah agul ku paying butut anu hususna ka para inohong nu lewih ngartos tibatan sim kuring. 
Naha geuning ayeuna katinggalna téh masalah basa anu hususna basa Sunda ngeunaan udak usuk téh rada dipacogcégkeun ku urang Bandung, magar téh loba nonoman anu teu biasaeun basa Sunda anu bener cénah, tapi nonoman nu mana sareng urang mana?. Ayeuna pami ditingal di hiji paguron luhur wé, kapanan réa suku bangsa jeung ras na. pami ditingal dina suku Sunda na wungkul; Aya anu ti Sukabumi, Cianjur, Bogor, Pantura, Subang, Sumedang, Garut, Ciamis, Tasik teu kakantun Sérang jeng Banten sareng sajabana. Atuh antukna barudak anu béda asal daerahna téh sok pada hemang nalika mangihan hiji dialék anu beda jeung daérahna, contona baé kuring hiji mangasa ngucapkeun kecap “mangakat”, geuning urang Bandung mah haréraneun magar téh, “kawas kanu rék maot baé, meuni mangkat, indit meureun.” cénah.
Terus aya urang Sumedang anu nganjang ka Garut, wawanohan jeung sepuh, “Ujang kawit ti mana?” cék sepuh. Nya atuh dijawab, “Uing ti Sumedang”. Rey raray sepuh beureum, ambek naker teu kabina. Atuh cek urang Garut mah kasar pisan bahasana jeung teu sopan jadi wéh paséa. Padahal di Sumedang mah kecap Uing téh geus ilahar. Di Sukabumi aya kecap “dékah”, di Cianjur aya kecap “engkin”, aya nu nyebat minyak tanah téh minyak lantung. Ayeuna kumaha atuh, kapan ku hadirna paguron luhur boh lembaga-lembaga anu icikibung  dina kasundaan téh baroga tujuan anu salah sahijina pikeun ngamumulé bahasa daerah di tatar Sunda, boh anu aya di tatar Periangan, atawa ti luar Periangan saperti Bogor, Serang, Banten jeung nu lianna. Nyaéta sanés pikeun ngaleungitkeun dialek wilayah satempat, tapi tangtuna pikeun ngamumulé bahasa daérahna séwang-séwangan.
Kantos hiji waktu kuring kuliah lapangan ka Banten tepatna mah di désa Kurung Kambing Pandeglang. Harita kuring kungsi ngobrol sareng salah saurang guru SD, cék kuring, “kumaha ari pangajaran bahasa Sunda di dieu?”.
Cek manehna, “Alhamdullilah lancar-lancar baé, tapi aya hiji kendalana nyaéta dina ngalarapkeun undak usuk, para siswa kacida susahna pikeun ngarti téh, jeung dina nerangkeun nana gé ku bahasa Indonesia baé”. jawabna
Atuh cék pikir kuring tangtu baé bakal ripuh da geuning buku sumber acuan nana ogé nu nyusunna urang Bandung kaleresan ku Kang Hidayat Ruryalaga harita téh, waktos ku kuring disuhunkeun buku acuan nana. Kapanan jadi teu nyambung meureun, sedengkeun di Pandeglang téa bahasa sapopoéna nya puguh baé lempeng teu aya undak usukna, panginten éta téh bahasa ibuna téa.
Dina kasus ieu jigana pamaréntah kudu peka kana kaayaan kitu, geuning bahasa Sunda di Jawa Barat téh teu sarua, loba pisan nu ngabédakeun nana. Kudu wangsul deui kana tujuan mimiti ku hadirna lambaga kasundaan téh nyatanna pikeun ngamumulé basa sunda nu aya, boh ti Bandung, Bogor, Sukabumi, Sumedang jeung daerah lainna. Sareng deui kapannan tos disebat dina waktos Kongres Bahasa Sunda VIII, anu di Subang téa; yén pamaréntah anu khususna Diknas, tos nyusun kurikulum pangajaran anu tangtuna tos dipahetkeun ku undang-undangna, PP No 25 taun 2000, kieu cénah:
-                           netepkeun kawajiban ngenaan nampa siswa jeung mahasiswa ti warga masyarakat minoritas, “terbelakang”, jeung atawa heunteu mampu.
-                           Nyadiakeun bantuan buku pelajaran lulugu\modul pendidikan keur TK, Pendidikan Dasar, Pendidikan Menengah, jeung Pendidikan Luar Sakola.
-                           Ngadeudeul makayakeun pendidikan tinggi kajaba ngatur kurikulum, akreditasi, jeung ngabenum tanaga akademis.
-                           Nimbang-nimbang dibuka jeung ditutupna paguron luhur
-                           Makayakeun sakola luar biasa jeung bale pelatihan atawa panataran Guru.

Aturan di luhur tangtuna kudu disaluyukeun jeung daérahna séwang-séwangan, anu hususna daérah Sunda téa, Pulo Jawa Bagian Wétan.
Ngeunaan  sual yén nonoman sunda téh teu barisaeun sunda nu hadé atawa teu barisaueun undak usauk ka kolot sok cologog, nonoman nu mana heula, naha urang Bandung, Bogor, Sukabumi apa nu mana?. Di dieu tangtu baé bakal aya anggapan yén mun kitu mah mereun réa anu teu biasaeun undak usuk téh, dan numutkeun kuring mah panginten ngan daérah Periangan wungkul anu aya undak usuk téh, da di daerah lian mah geuning teu aya. Di Pantura wé conto séjén na mah, bahasa téh sia aing wéh geuning.
            Jeumg deui di tatar Periangan mah kapan aya bahasa lulugu téa, pami cék Kang Ayatrohaédi, sami dina waktos KBS VIII; basa lulugu téh bahasa urang Bandung atawa basapraja Bandung, anu baheula parantos disahkeun ku pangersana Suriadireja. Saheunteuna anjeuna parantos marajian morojolkeun orok anu jadi basa lulugu téa. Naon atuh ari basapraja, pami ditilik dina kecapna mah, ieu kecap téh dicokot tina kecan basa jeung praja anu dua nana ogé tangtuna tos loma pisan jeung urang, kapan aya kotapraja, pamongpraja, jeung liana. Ari praja téh hartina rahayat, jadi cindeknamah basapraja téh basa dialék téa atawa basa anu sok digunakeun ku rahayat. Jadi wéh bisa aya basapraja Priangan, basapraja Cirebon, Ciawi, majalengka, jatiwangi jeung sésjéna
Jadi kumah atuh carana menjatkeun sunda téh husus tina basana, da geuning réa ari nu di sebat Sunda téh. Tapi  nu pentingmah jigana kumaha carana urang sunda nu réa jinisna téh bisa nunjukeun yén sanajan beda tapi tetep ngahiji, sebut baé ku ayana Bineka Tunggal Ika Sunda, teu jadi ribut alatan ayana aturan anu di mata nu lian mah geuning teu sarua. Keudu inget yén cicirén hiji bangsa téh ditingal tina budayana, lamun didieu mah basana téa.

Nu nulis keur nyungsi pangarti

di
UNPAD Jurusan Sastra Sunda



Demikianlah Artikel BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN

the life of the muslim world BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN dan artikel ini url permalinknya adalah https://jumro.blogspot.com/2010/09/basa-sunda-di-pulo-jawa-bagian-wetan.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "BASA SUNDA DI PULO JAWA BAGIAN WÉTAN"