bubuka

bubuka - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul bubuka, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : bubuka
judul artikel : bubuka

lihat juga


bubuka


BAB I

BUBUKA

Wayang téh mangrupa kasenian urang Sunda anu kacida gedé pangaruhna pikeun kahirupan, sabab baheula mah wayang téh dijadikeun salah sahiji perantara pikeun nyebarkeun Agama Islam anu hususna di Jawa Barat umumna di Pulo Jawa. Sanajan wayang lain asli ti Jawa atawa Sunda, nyaéta ti India, anu hususna dina widang caritana, tapi tetep ciri-ciri anu utama dina éta carita wayang, mangrupa hal anu tetep raket kalawan kabudayaan Sunda atawa Jawa.
Jenis carita wayang, kabagi kana dua lakon anu kasohor, nyaéta carita Mahabharata jeung Ramayana. anu tangtuna, éta dua carita téh dirojong ku carita-carita anu lianna, anu ngajadikeun sampurnana éta carita. Dina carita Ramayana loba pisan carita anu kasohor, diantawisna : Arjunasasrabahu, Somantri Gégér sareng Serat Rama. Dina ieu makalah, panulis badé saalit ngaguar ngeunaan carita Arjunasasrabahu anu aya di Sunda sareng Jawa. Panulis boga maksud pikeun ngabandingkeun éta carita.
Titimangsa ayana wayang, aya kacatet dina prasasti Tambaga 840 M, di dinya geus nyaritakeun ayana dalang anu maénkeun wayang. Nurutkeun carita ti Jawa, wayang téh aya dina mangsa Sri Jayabaya maréntah dina taun 939 M, jeung nurutken para dalang, wayang téh kaguar dina abad ka-11.













BAB II

TEORI JEUNG EUSI

Dina bab ieu, panulis boga maksud pikeun ngaguar arti dina berbagai aspek anu aya hubungan nana jeung karya sastra, boh karya sastra heubeul atanapi karya sastra anyar, tangtuna ogé moal lepas tina unsur-unsur éta, anu diantarana baé : carita, tokoh, téma sareng alur.
Ari anu disebat carita téh nyaéta, numutkeun Foster (1970: 35) nyaéta salah sahiji wangun narasi babaraha rupa kajadian anu sengaja dijieun dumasar kana galurna waktu, pangertian ieu sarua pisan saperti anu diungkapkeun ku Abrams (1981: 61) nyaéta urutan kajadian anu sederhana dina rundayan waktu.
Béda deui lamun numutkeun Kenny (1966: 12) carita téh nyaéta kumpulan peristiwa anu kajadian nana dumasar kana urutan waktu, tapi dituangkeun nana dina karya fiksi.
Ari anu disebut tokoh téh nyaéta, numutkeun Abrems (1981: 20) jalma anu ditampilkeun dina karya naratif, atawa drama, anu ku pambaca ditafsirkeun ngabogaan kualitas moral anu diéksprésikeun dina tindakan jeung ucapan.
Ari anu disebut téma téh nyaéta, 
Dina ieu carita, anu judulna Arjunasasrabahu, garis badag carita dina versi Sunda atanapi Jawa, duanana hampir sami, mung aya sakedik anu bénten, anu nyebabken panulis tertarik ngaguar ieu carita. Supaya leuwih jelasna, panulis bakal ngabahasna dina bab salanjutna.

PARBANDINGAN

Bentuk carita anu aya dina carita wayang di Sunda boh di Jawa téh mangrupa sasta lisan atawa carita lisan. Tapi panulis dina danget ieu meunang dua bentuk, anu kahiji bentuk carita lisan wayang Sunda tapi anu geus disadur kana bahasa inggris anu dikarang ku Surya S Negoro anu judulna The Kingdom Mahesapati atawa Karajaan Mahesapati, anu kadua mangrupa carita anu diwangun ku bentuk saperti wawacan, tapi tangtuna oge wawacan jawa, nu dikarang ku Radén Ngabéi Sindusastra, jumlah padana aya kana 200 padalisan, ieu buku téh judulna Arjunasasrabau taun 1965.
Isi carita anu aya dina ieu dua karya sastra téh, loba pisan palsapah hirup anu ngagambarken kahirupan manusa. Contona baé :
1.      Ngenaan Asmara,
2.      Pangabdian,
3.      Pangorbanan,
4.      Angkara murka,
5.      Tahta, jeung
6.      Pamaréntahan.

Tapi anu jadi garis badagna mah ngenaan pangabdian anu teu aya bandingna saurang Patih ka Rajana.
Dina éta urayan jeung ringkesan carita anu aya dina lampiran, maka bisa disimpulkeun, yén anu bisa ngabédakeun jeung nyaruakeun téh dina éta carita nyaéta:
Anu nyaruakeun nana:
1.      Kabéh tema, duanana boh Sunda atawa Jawa, ngenaan pangabdian Patih ka Rajana.
2.      Ieu carita duanan sarumpun, jeung ngabokaan tetekon anu geus pasti, nyaéta anu asalna carita téh ti India, naha kitu? Kulantaran urang Sunda jeung Jawa umumna urang Indonesia, baheula kintel pisan klu agama Hindu anu asalna ti India téa.
3.      Ngaran-ngaran tokoh sabagian aya anu sarua, diantarana baé: Déwi Citrawati, Rahwana, jeung Bamabang Sukasrana.
4.      Duanana carita téh diangkat tina sastra lisan.

Anu ngabédakeun nana:
1.      Bentuk karya sastrana, lamun di Sunda mah bentukna prosa, tapi lamun di Jawa mah bentukna wawacan jeung tangtuna lewih panjang sarta kakeunaan ku aturan panulian nana.
2.      Jalan carita, didieu aya parbédaan anu kahiji dina carita Sunda, Prabu Arjunasasrabahu téh tiwasna ku Ramaparasu atawa Parasurama, naha ari dina carita jawa mah tiwasna téh ku ramana Parasurama nyaéta Resi Yamadagni. Anu kadua, dina carita Sunda Déwi Cirtawati téh dihasut ku anak buahna Rahwana, tapi ari dina carita Jawa mah dihasutna téh ku Bambang Sukasrana.
3.      Ngaran-ngaran tokoh, dina Sunda mah ngaran prabu na téh Prabu Arjunasasrabahu, tapi lamun di Jawa mah Arjunasasrabau; di Sunda mah ngaran patihna téh Patih Sumantri, tapi di Jawa mah Patih Suwanda.


























BAB III

KASIMPULAN JEUNG SARAN


KASIMPULAN

Lamun ninggal dina data anu geus didugikeun, panulis bisa nyimpulkeun, yén carita Arjunasasrabahu atawa Arjunasasrabau téh mangrupa carita wayang pura atawa carita wayang anu mimiti, kusabab kaasup kana carita Ramayana, anu mangrupa karya sasta buhun anu gelarna mimiti ti India téa, ieu carita téh réa pisan ku pituah jeung pituduh sarta pieunteungeun urang saréréa. Ieu carita ngabogaan parbédaan jeung parsamaan, kulantaran ayana parbedaan dina waktu narima éta carita, anu tangtuna urang bakal lumpatna kana Sejarah Kasusastraan Sunda boh Jawa.

SARAN

Panulis nyaran keun supaya éngké mah anu ngagarap carita téh lain urang jawa, naon sabab?, sabab ieu carita duanan kapanggih ku penulis téh anu nulisna urang jawa kabéh. Ku kituna, mudah-mudahan ka hareupna mah aya uarng sunda anu nulisna téh.













 

LAMPIRAN

 

RINGKASAN  CARITA

ARJUNASASRABAHU

Karuhun karajaan Mahésapati nyaéta Sanghiyang Ismaya. Anu garis silsilahna nyaéta : Sanghiyang Ismaya – Sanghiyang Surya – Sanghiyang Karaba – Sanghiyang Dewangkara – Sanghiyang Dewasana – Prabu Heriya, Resi Wisanggeni – Resi Yamadagni.
Raja anu kasohor di karajaan Mahésapati nyaéta Prabu Arjunasasrabahu, anu mantak disebut kitu téh, kulantaran ngabogaan panangan/ taktak saratus, anjeuna kaasup raja jago titisan Wisnu. Anjeuna kasép, pinter tur sakti. Patihna anu kasohor nyaéta Bambang Sumantri, putrana resi Wisanggeni, ieu resi téh pertapa anu sakti. Ieu patih kagungan rai anu mangrupa buta, jenengan nana Bambang Sukasrana. Resi Yamadagni téh rakana Resi Wisanggeni sareng Raja Heriya. Anjeuna kasasup pamdita anu kasohor.
Numutkeun dina carita pawayangan, putra anu bungsu sok jadi raja, lamun lanceukna jadi pandita.

Carita Bambang Sumanti

Kacarita yén Sumantri téh satria anu linuw, pinter, jago perang jeung mahér ngagunakeun sanjata. Resi Wisanggeni salaku ramana anu jadi guruna téh. Ramana miwarang supaya angkat ka karajaan Mahésapati (Arjunasasrabahu).
Bambang Sumantri ngandika ka Raja:
“ampun mang rébu-rébu ampun prabu, kaula mung saukur urang kampung anu teu tiasa nanaon, mung ambi nyuhunkeun widi supaya abdi tiasa ngabdi di ieu karajaan”
Sang Prabu ngajawab:
“saha ngaran, urang mana jeung saha guru manéh?”
Bambang Sumantri ngajawab:
“ngaran kaula Sumanti ti padukuhan kampung, rama abdi Resi Wisanggeni nanu sakaligus jadi guru kaula.”
Hiji mangsa Prabu Arjusasrabahu kapincut ku hiji putri ti nagara Magada, anu jeneungan nana Déwi Citrawati. Lajeng Prabu ngutus patih Sumantri pikeun ngalamar éta putri. Bambang Sumantri angkat ka Magada nyandak 1000 prajurit teu hilap jacandakan nana nu mangrupa emas, pérak jeung sajabana.
Pas dongkap ka Magada, Bmbang Sumantri teras mendakan Déwi Citrawati, di dinya anjeuna ngutarakeun maksad Raja.
Déwi Citrawati téh putri anu geulis tapi ambisius, anjeuna hayang pisan ngagaduhan carogé anu sakti , anu biasa béla ka anjeuna. Anjeuna hayang ngabuktikeun sorangan yén enya Prabu arjunasasrabahu téh sakti, maka anjeuna nitah supaya éta raja jeung patih adu jatén.
Dina éta duél duanana teu aya anu éléh, lajeung sang prabu ngaluarkeun ajian Triwikrama (ngarobah diri jadi raksasa anu kacida badag tur sakti), maka didinya Bambang Sumantri sujun ngaku éléh ka sang prabu.

Tama Sriwidari jueng Sukasrana

Ahirna teu aya alesan pikeun Déwi Citrawati supaya jadi prameswari. Lajeung Déwi ngadika:
“prabu kula bakal leuwih bagja pisan lamun ieu taman Sriwidari ngilu pindah ti Magada ka Mahésapati, soalna ieu taman téh éndah pisan tur tos maturan kula ti alit.”
Dina sajongjona Sang Prabu ngahuleng bingung kudu kumaha ngakalan nana, atuh teras Sang Prabu nitah ka Patih Sumantri pikeun mindahkeun éta taman.
Sang Prabu ngandika :
“héy patih, manéh hirup ngeunah, jeung boga kahormata luhur ku ayana kakawasaan kula. Ayeuna kula ménta tulung ka manéh, kumaha carana éta taman Sriwidari bisa pindah ti Magada ka Mahésapati dina waktu sapeuting, kalawan utuh teu aya anu ruksak. Lamun manéh teu bisa, mending balik deui ka lembur manéh.”
Didinya Bambang Sumantri bingun na kudu kumahacarana mindahkeun éta taman, teu lila émut ka raina Bambang Sukasrana, yén manéhna sakti, jeung pasti bisa mindahkeun éta taman. Bambang sukasrana ngabogaan rupa goréng kacida, mangrupa raksasa leutik, panon bolotot, huntu ranggéténg, tapi jujur tur nyaah pisan kanu jadi lancek, sagala bakal diajenan ku Bambang Sumantri. Ti leuleutik Bambang Sumantri sok dibantuan ku Sukasrana.
Bambang Sukasrana kacida atohna pas digero ka kerajaan ku rakana. Anjeuna teras nyanggupan éta tugas kalawan sarat Sukasrana kudu bisa mimilu Bambang Sumantri. Sukasrana ngaluarkeun ajian sirep pikeun nyien tunduh masyaraka Magada jeung Mahesapati, ku kakuatan jeung kasaktian Bambang Sukasrana éta taman bisa pindah dina sapeting.
Dina hiji mangsa, Bambang Sukasrana téh ngan hayang mimilu baé, tangtuna bakal ngaganggu tugas kapatihan Bambnang Sumantri. Tidinya Bambang Sumantri nyingsieunan ku panah supaya ulah mimilu baé, tapi malah kalepasan, atuh didinya bambang Sukasrana perlaya.
Teu lila aya sora tanpa raga:
“kang Mantri, anjeun geus kapoékan ku harta jeung kakawasaan, hiji waktu rai bakal ngajemput akang ku perantara raja raksasa. Dimana anjeun keur jajatén jeung éta raja raksasa maka anjeun bakal perlaya.”
Sumantri nyegruk ceurik ningal raina tiwas, teu lila les leungit ragana Bambang Sukasrana.

Sumantri Gugur

Hiji mangsa Déwi Citrawati hayang ngeueum di wahangan, kusabab harita kaayaan panas. Pas keur ngeueum aya raja raksasa anu ngarana Rahwana ti nagara Alengka, manéhna keur ngeunah-ngeunah ngintip sang déwi, harita manéhna kaperegok ku Parih Sumantri, didinya manéhna adu jatén kalawan haté geus pasrah yén manéhna harita bakal perlaya, ku lantaran supata raina Bambang Sukasrana. Ahirna Bambang Sumantri gugur dina partarungan.

Arjunasasrabahu Gugur

Ku tiwasna Patih Sumantri, maka Prabu Arjunasasrabahu murka ka raja buta anu ngarana Rahwana téa, Arjunasasrabahu adu jatén jeung raja Rahwana, tapi saacana sang Prabu geus diingeutan yén can waktuna éta raja pati ayeuna, engké jaga ku turunan nana. Pasa diana adu jatén Arjunasasrabahu ngaluarkeun triwikrama, tapi raja Rahwana ogé teu éléh geleng, sarua ngaluarkeun triwikrama, dina awakna kaluar mangrupa-rupa sanjata. Kulantaran Arjunasasrabahu lewih gedé tibatan Rahwana, maka rahwana kasedekeun, anu ahirna beunang diborogod ku Arjunasasrabahu.
Teu lila saeunggeus kajadian éta, aya dulurna Rahwana anu ménta dibébaskeun nana Rahwana, tangtuna maké sarat, yaéta Rahwana kudu janji moal ngalakukeun kagoréngan deui.
Meunang mangbulan-bulan Prabu Arjunasasra teu kaluar ti karajaan kulantaran ingeut baé kanu jadi patih. Hiuji poé Sang Prabu ngayakeun buburu ka leuweung, pas keur buburu manéhna manggihan satriaanu keur néangan pati, anu ngarana Parasurama atawa Rama Parasu, Rama parasu téh anakna resi Yamadagi, anu tangtuna masih dulurna kénéh. Didinya Parasurama ngajak adu jatén, kulantaran manéna yakin yén ngan titisan Wisnu wungkul anu bisa maéhan manéhna. Pas keur jajatén adu pana, Sang Prabu nagn ukur cicing teu ngalawan, kulantaran ingeut baé ka Sang Patih. Maka harita panah parasurama nanceb pisan dina hulu angenna. Nya didinya Prabu Arjunasasrabahu Perlaya.




















SILSILAH KATURUNAN KARAJAAN MAHESAPATI

 





RESI WISANGGENI

 

RESI YAMADAGNI

 


BAMBANG SUMANTRI & BAMBANG SUKASRANA

 

RAMA BERGAWA / RAMA PARASU

 

 


Demikianlah Artikel bubuka

the life of the muslim world bubuka, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel bubuka dan artikel ini url permalinknya adalah http://jumro.blogspot.com/2010/09/bubuka.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "bubuka"