drama

drama - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul drama, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : drama
judul artikel : drama

lihat juga


drama


Since 1

Suasaana di hiji kamar anu keus rada simpe, sada radio anu ngerekngek, harita marengan si agung anu keur di rundung bingung, manehna ceceleweungan sorangan. Ngabeberah manahna. Pake kolor hejo, kaos onblong, gegelehean na kasur lepet sabari ngegel curuk

Agung


Ya alloh, tolong, hirup meuni jiga kieu gusti. Ngarasa geuning teu boga duit. Peting anu ka dua ayeuna dina mangsa kuring teu nyekeul duit saperak-perak acan. Sakapeung sok ngarasa hemang ku kahirupan batur anu jigana téh senang sapopoena téh, alah kawas hitut dina seeng bae “senang”, da geuning hitut dina rantang mah “kolek waluh”
Gusti kudu kumaha atuh?

Torojol si nandar karehol ti lemburna, angkaribung mawa dahareun jiganateh.

Nandar

Keur naon gung, cecelewengan sorangan? Kawas jalam owah.

Agung

Ah biasa weh baruleud, lapar aing teh kehed, geus dua poe can manggih sangu, ari dek menta ka tatangga , da rumasa teu boga tatangga. Jadi cuang cieung sorangan.

Si nandar, ngecagkeun bawaaan nana bari tuluy di purak

Nandar

Ges tong ngibing jeung maung.

Agung

Naon gibiong jeung maung?

Nandar

Heueuh tong bingung sagala, yeuh urang mawa kakaren ti lembur, Lumayan tambah ngaburayot gado. Hulang huleng jiga helang.
Kabeneran tadi di imah kuring dibahana ku indung jang maneh.
Ieu aya ranginang jeung opak, tambah peuyeum.

Si angung langsung ngorenjat hudang, celemun kana hakanan, bari sungut manyun pinuh ku hakaneun.


Agung

Aduh dar nuhun, nuhun pisan .” gusti nu sarerea geuning aya rizki ti anjeun, sok sanaos sareat namah ti ujang nandar. Hakekatna ti gusti.

Maranehan nana duaan balakecrakan dalahar, micen rasa lapar, komo pikeun si agung mah harita téh asa karurugan gunung, karagragan bulan.

Since 2




Demikianlah Artikel drama

the life of the muslim world drama, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel drama dan artikel ini url permalinknya adalah http://jumro.blogspot.com/2010/09/drama.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "drama"