PASIR TANJUNG

PASIR TANJUNG - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul PASIR TANJUNG, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : PASIR TANJUNG
judul artikel : PASIR TANJUNG

lihat juga


PASIR TANJUNG

 

Pasir Tanjung


Tuh pasir tanjung gugupay ti kajauhan, geuning
Ayeuna rada anggang kénéh…..
Hiru biru dunya nyaraangan, serab….
Kawas oray tangtungan; kénca – katuhu…

            Pasir tanjung dagoan kuring
            Manusa kuring téh
            Owah gingsir moal leupas ti kuirng
            Duh “Anjeun”
            Tuntun kuring ka pasir tanjung

DAMRI 09/03/05



Nu Sulaya


Ka kuring anjeun jangji moal sulaya
Geusan kasaksi ku salira
IKHLAS
Manusa di dunya loba, kapanan
Hideung bodas warnana manusa
Tapi teu réa nu nyaksi IKHLAS
Malah réa nu sulaya.

Warnet Jasnet 04/04/05

Sareupna
Wanci téh geus sareupna
Geuning…
Réa totondénna kapanan!
Sarangéngé geus ngulon ayeunamah
Mojang teu lenjang
Jajaka teu gandang
Malah mandar….!
Réa jalma nu sulaya
Sulaya ka ragana
Kahadé ah…
Geus sareupna

Jumaah Di sigeulis
18/11/05


Menu Sangu Goréng :

-         Tangtuna dagingna dikumbah heula,
-         Endogna dikocok heula,
-         Minyakna dipanaskeun heula,
-         Saméméhna kat’el tagogkeun na kompor
-         Hijikeun kabéh
-         Sangu, daging, endog.
-         Tambahan uyah, pecin
-         Geuning! Geus ngahiji mah ngeunah…

Sisi Jalan, ditulis deui 12/10/05

Hariring Janari


Gidig kuring ka warung nasi
Di wanci janari
Sésa peuting ieu pisan
Kuring téh geuring geuning

Sumebrahna hate
Aya rus ras ka nu dipasini
Nini, bibi, jeung si aki
Aya sada hitobah
Aya sada kikirik nu jadi kicik

Ranca Ékék 12/10/05


Kuliah


Rekét panto dibukakeun
Anjeuna culang cileung
Bus tuluy diuk
‘dosénna ngocoblak’
barudakna saliwar

rekét panto muka deui
manéhna sanduk-sanduk
“assalamualaikum”
“mangga” kakupingna téh, cénah
laju dosenna ngocoblak
tapi angger salaliwar.

B3.04 11/10/05


Demikianlah Artikel PASIR TANJUNG

the life of the muslim world PASIR TANJUNG, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel PASIR TANJUNG dan artikel ini url permalinknya adalah http://jumro.blogspot.com/2010/09/pasir-tanjung.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "PASIR TANJUNG"