IMAH PANGBALIKAN

IMAH PANGBALIKAN - Hallo sahabat the life of the muslim world, pada kesempatan kali ini, kami akan bebragi ilmu tetang islam yang berjudul IMAH PANGBALIKAN, saya telah menyediakan semaksimal mungkin, artikel ini sehingga bisa bermanfaat untuk sahabat sekalian, maka dari itu jangan sungkan untuk komentar dan membagikan tulisa ini kempada yang lainnya.

Penulis : IMAH PANGBALIKAN
judul artikel : IMAH PANGBALIKAN

lihat juga


IMAH PANGBALIKAN

IMAH PANGBALIKAN

Ku: Nurul Hamdani


Harita manéhna geus teu bisa ngiceup, teu bisa ngeupeul jeung ngepeulan, teu bisa ngadéngé jeung didéngékeun, leumpang jeung dileumpangkeun, ngomong jeung diomongan, jeung réa deui lampah paripolah nu biasa ilahar jadi teu bisaeun.
Réa jalma; dulurna, indung, aki, bapa, nini, adi, ua-ua na, mamang-mamang na. Manéhna geus diriung dirurug sarung teu walakaya. Pamajikan boh salakina sarua geus ngariung. Réang  kalam Illahi dibaca di sahulueun nana, naha meni hulu?. Sawaréh jalma ceurik, baeud, seuri, surak, dumasar kana lampah si jenat keur hirup. Rabul jalma ti wétan, ti kulon, kidul boh kalér, ngarélék baskom, ditariung hideung.
Ayeuna manéhna keur digolérkeun, angger teu baeud teu seri, teu walakaya ngajolopong dina gedebog pas beuheung, tonggong jeung sukuna. Jalma sadudulur ngariung deui pikeun upacara éta si jenat. Daun bidara geus dieusikeun kana téko, sawaréh digolérkeun disahulueun nana. Cai na téko dikucurkeun ka awakna, sabun diwalatrakeun. Harita aya nu ceurik, baeud, jeung seuri. Tujuh liang dina awakna nu ngajepat, ku lebé dibersihkeun; dua liang irung, dua liang ceuli, hiji liang udel, liang kubul jeung dubur. Kabéh dibersihkeun, maksud pikeun eunteung ka jalma nu masih bisa kénéh ngajepat, méré, ruku jeung sujud; nyaéta kudu bareresih hirup, ngariksa diri, nyaah ka awak. Selang si jenat di mandian, di tengah imah aya nu keur pepeta lawon bodas nyacas; aya bajuna, kudungan nana bisa tilu, bisa lima lapisan nana téh. Tuluy diamparkeun, kapas diwalatrakeun, kapur barus diawurkeun seuseungitan diseungitkeun.
Ayeuna manéhna digolérkeun disaluhureun éta lawon jeung kapas, tuluy dibungkus, diiket tilu, pas huluna kawas paré jaman baheula, sakali deui naha bet hulu?. Di saluareun imah, kandaraan nana geus ngadago maksad ngajemput. Sadulur jeung sa-brayana; aya nu neukteukan pandan, ngumpulkeun kembang tujuh rupa, nilepan samping, disusun tilu di luhureun éta kandaraan, bari dihiasan ku kembang téa.
Ayeuna bungkusan digarotong, diasupkeun kana kandaraan, dibuka pantona tuluy ditutupkeun, éta kandaraan ku opat supirna diangkat, tuluy anak-anakna, adi-adina, pamajikan nana, aki bapana, pokona sadulur-dulurna, anu aya patula-patalina arasup ka kolongeun éta kandaraan, ngarolongan, maksud ngahormat kanu jadi, nu pantes dipihormat ku kabéhan ti éta jelema. Éta kandaraan ayeuna geus miang maksad ka balé nyungcung. Bungkusan digolérkeun, sirahna kakalér, sukuna ka kidul. Didinya manénha ayeuna ngajolopong, disanghareupan ku réa jalma; dulur jeung tatangga, ditakbiran, didua’an, didieu éta bungkusan bisa ceurik, seuri atawa baeud, dumasar kana laku lampahna baheula. Opat takbir geus ngagiring ieu bungkusan pikeun nyorang lampah anyar, minangka diibadahan nu pamungkas.
Nu ngajolopong ayeuna diasupkeun deui kana kandaraan nana. Supir nu opat laju nincak gas, dikernekan ku saurang nu mayungan, diabringkeun, bisa ku ratusan jalma, bisa ogé saeutik, balik deui kana laku lampahna si bungkusan keur hirupna. Ayeuna mangasana ieu bungkusan dikaluarkeun dina kandaraan nana, taneuh beuerum geus gorowong ngadago-dago haying diasupan. Jalma tilu urang tarurun pikeun ngabebenah tempat sarena, si bungkusan diturunkeun disampan ku nu tiluan tuluy disarekeun laju diadana; dulur-dulurna carerik ngajajap nu ngajolopong na liang lahat. Dalurung diturunkeun pikeun nutupan eta kamarna. Taneuh beureum geus di urugkeun. Didinya meureun ayeuna mah manehna maneuh na taneuh, naha eunya geus beres lampahna teh? Da moal ngan ukur neupi ka bilatungan meureun, tapi tangtuna kudu ngalaman balitungan. Sadudulurna ayeuna geus arindit, saeunggeus ngawalatrakeun kekembangan di luhureun eta imah pangbalikan nana téh.
………
“Hey kimayit maneh naon babawaan
Amal hade salila hirup di dunya
Eta mayit ngajawabna bari ceurik
Ampun gusti abdi hilap teu ibadah
Kapan eta kertasna mah boeh maneh
Kapan eta mangsinamah curuk maneh”
………
    Antapani 2005


Demikianlah Artikel IMAH PANGBALIKAN

the life of the muslim world IMAH PANGBALIKAN, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sekian postingan the life of the muslim world kali ini.

Anda sedang membaca artikel IMAH PANGBALIKAN dan artikel ini url permalinknya adalah http://jumro.blogspot.com/2010/09/imah-pangbalikan.html Semoga artikel ini bisa bermanfaat.

0 Response to "IMAH PANGBALIKAN"